Rabu, 23 Maret 2016

Oray Mabok...


AYA oray baong kacida, sanajan geus rumahtangga tur reuay ku anak gѐ, angger wѐ kana gawѐ mabokna mah teu eureun-eureun. Taya poѐ jeung peuting anu kaliwat, kudu baѐ mabok. Upama dina sapoѐ teu mabok tѐh, ѐta oray katempona siga nu langlang-lingling.

Hiji peuting, ѐta oray teh katѐmbong keur mabok di hiji bar. Mabokna kaitung beurat, sabab mulang ka imahna ge kudu dibѐbѐyѐng ku pagawѐ bar. Barang datang ka imahna, ujug-ujug goak we manѐhna ceurik.
“Naha anjeun bet ceurik ?” ceuk pagawѐ bar nanya.
“ Nya tangtu bakal ceurik, sabab kuring ngarasa sedih,” ceuk ѐta oray.
“Naha sedih ku naon ?”
“Itu pamajikan kuring . . . maot !”
“Mana pamajikan anjeun tѐh ?”
“Itu tuh nu ngarѐngkol di juru !” ceuk ѐta oray bari nuduhkeun ka juru imahna.
“Mana pamajikan anjeun ? Nu ngarѐngkol di juru mah lain pamajikan anjeun, tapi . . . selang ! Matakna ari mabok tѐh ulah kamalinaan, selang ngalumbruk gѐ disangka pamajikan,” ceuk pagawѐ bar bari seuri.

*belegug si oray teh*... -ti facebookna oerang soenda
-

Tidak ada komentar:

Posting Komentar